·
Judul Surat Penting
Pustakawati; Lima Puluh Carpon PATREM
·
Penulis Aam Amilia, spk
·
Éditor Chyé Rétty Isnéndés
·
Tahun 2020
· Ukuran 14,5 x 21 cm
· 432 Halaman
· Jenis Kertas Isi HVS 70 Gram
· Jenis Kertas Cover Art Carton 210 Gram
· Isi 2 Warna
· Cover 4 Warna
· Jenis cover Soft Cover
·
Jilid: Perfect Binding
·
ISBN
978-623-221-775-1
· 160k
50 karya pangarang wanoja dina Surat Penting Pustakawati ngawengku 33 karya
anggota PATREM jeung 17 karya anggota SIRUNG PATREM. Jejer caritana rupa-rupa
pisan, umumna patali jeung kalungguhan wanoja dina zona doméstik (rumah tangga)
jeung publik (masarakat hiji bangsa katut nagara). Salian ti éta, dicaritakeun
ogé wanoja jeung dirina, rasa jeung pamikiranna, budayana sacara personal,
wanoja jeung sasamana, katut wanoja jeung lingkungan sabudeureunna, sacara
sosial. Éstu moal matak bosen nu macana.
Kalungguhan-kalungguhan wanoja dina zonasi nu geus disebutkeun, diwadahan
dina téma-téma jeung disuméndérkeun dina latar carita nu majemuk. Tina
pangalamanana boh nu langsung boh nu teu langsung, tina intuisi jeung bakatna,
tina rikatna néwak idé, tina seukeutna nilik pasualan, tina parigelna ngolah
carita, tina kamahérna meruhkeun basa, jeung bisa jadi, tina samporétna waktu
dina ngokolakeun rumah tangga sarta karier, rinéka carpon gelar jadi kembang dina
pakalangan sastra Sunda.
Karya-karya pangarang wanoja mibanda kalungguhan dina budaya androgini, lantaran salian ti ayana kasadaran diri, ogé mawa sora wanoja Sunda nu jadi bagian tina sora wanoja dunya.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar