Judul
PAMANAHRASA
Penulis Yoséph Iskandar
·
Tahun 2020
· Ukuran 14,5 x 21 cm
· 100 Halaman
· Jenis Kertas Isi HVS 70 Gram
· Jenis Kertas Cover Art Carton 210 Gram
·
Isi 2 Warna
·
Cover 4 Warna
·
Jenis cover Soft Cover
· Jilid Perfect Binding
· ISBN 978-623-7670-12-4
Harga 32K
Synopsis
Sabot papencrong-pencrong, manéhna mapatkeun jampé paméré Ki
Hulujurit, “Rampés nu kadeuleu! Rampés nu
kaambeu! Rampés nu kadéngé! Amun dia eudeuk nganjang deuk ngaliwat milu
reureuh! Tapi, amun dia lunta lugay alas sabab salah, geura dia mulang! Dia
ngaton ka Guru Alas dia! Amun dia ngabadigul di lampah dia, nya kujang pikongkorongeun
dia, eujeung gobang pikarembongeun dia! Hus!"
Dikitukeun téh éta maung lodaya nu sakitu borongongongna, ngarumpuyuk, brek depa taya tangan pangawasa, lir kapas kaibunan! Huluna kalah unggut-unggutan, peureum bari ngalétakan suku hareupna nu nyodor ka hareup. Pamuluna pikarunyaeun, pasrah rék dibeureum rék dihideung, mikeun badan sakujurna.
“Lempay! Kami rék ngalalana, mun dia sadrah sarua ngarasa kumelipna, mun dia suka, kami ménta suku sinambungan, titip léngkah sangkan kami teu rundag-randeg!” ceuk manéhna ku ati nu wening jeung pamulu nu béar marahmay.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar