SABALAKANA
·
Penulis Dadan Sutisna
·
Tahun 2013
·
Ukuran 21 x 14,5 cm
·
342 Halaman
·
Jenis Kertas Isi HVS 70 Gram
·
Jenis Kertas Cover Art Carton 210
Gram
·
Isi 2 Warna
·
Cover 4 Warna
·
Jenis cover Soft Cover
·
Jilid: Block Lem
·
ISBN 978-979-419-416-4
97 K
Sinopsis
Rastiti maot di kamar
mandi, aya nu némbak dina malem panganténan. Nu ngageunjleungkeun téh lain
rajapatina, tapi kaahéngan saenggeusna. Sawatara jalma katarajang robah
paripolah: réporter awéwé nyaritakeun lampah nirca dina siaran langsung
télévisi, nu maéhan Rastiti ujug-ujug nyérénkeun diri, awéwé démplon ngaku saré
jeung salaki awéwé bayuhyuh, budak bangor nyarita yén manéhna nu nyababkeun
indungna maot, hiji lalaki ngaku jadi bagong nyegik, jeung puluhan kajadian
séjénna nu matak harénghéng. Riributan di mana mendi, puluhan jalma nu dianggap
ngaliarkeun panyéréwédan tuluy dikerem jadi interniran. Di hiji désa kakurung
keueung, sakur jalma sieun katépaan, nu hanaang kakawasaan, cinta nu kemba,
asih nu ketir, mitos jeung kahayang nu neuteuli, pagaliwota dina kahirupan
masarakat nu dianggap gering: betusna sakur rasiah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar