Karya Dadan Sutisna
2017;14,5x21 cm; 104 hal
Rp. 38.500
Rp. 38.500
ISBN 978-979-419-481-2
Sanggeus nyeiun riributan di parapatan, Dén Angor manggih kajadian ahéng. Babarengan jeung Putri, anak tukang dogér monyét, duanana ngalalana ka tempat nu can kasaba. Lian ti tepung jeung sasatoan nu sok kacaturkeun dina dongéng, maranéhna meunang pangalaman séjénna nu kabawa ka alam manusa.
Dén Angor jeung Putri Monyét, nyaritakeun lalampahan dua budak, anak jalma miskin. Nu hiji kasohor bangor, nu hiji deui hayang ngarobah nasib kolotna. Ditulis ku pangarang nu geus tilu kali dilélér “Hadiah Samsudi” pikeun carita barudak.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar