Wahyu Wibisana
2017;14,5x21 cm; 172 hal
Rp. 55.000
Rp. 55.000
ISBN 978-979-419-479-9
Hiji Tanggal nu Dipasinikeun téh ngamuat 16 carita pondok Wahyu
Wibisana nu ditulis taun 1956—1983.
Nuturkeun carita pondok
Wahyu Wibisana dina ieu buku, anu diruntuykeun nurutkeun titimangsana
(kronologis), lir ibarat urang nuturkeun deui lalampahanana anu natrat tur
kawilang panjang. Miang ti Cisayong, ngumbara (atawa ngungsi?) ka Bogor, terus
ka Bandung. Dina saincak-incakna, anu kabaca deui ayeuna, dina éta
karya-karyana téh aya kamelang anu natrat lir duriat anu dihaja ulah sina
pegat.
Carita-carita dikumpulkeun dina ieu buku, tur aya anu ditulisna
ku Wahyu leuwih ti satengah abad ka tukang, mémang geus umuran tur beunang
disebutkeun bisa jadi pependeman anu kudu diguar ku entragan sabadana. Urang,
anu macana ayeuna, babakuna anu geus katuncal mangsana, sasatna geus kahalangan
ku anggang dina enggoning gadumaniskeun jeung karya-karya Wahyu Wibisana téh.
Tapi nya lebah dinya pentingna téh, sakumaha anu geus ditaratas ku Wahyu,
nyambungkeun deui duriat supaya mayeng angger tibelat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar