Rancagé Diajar Basa Sunda Kelas VI
ISBN 978-979-419-472-0
ISBN 978-979-419-478-2
2018; 17,5 x 25 cm. ;6 Bab. ;96 hal.; Cet. eusi 2 Warna
HET. Rp. 32.000
Rancagé Diajar Basa Sunda VI disusun dumasar kana Kurikulum 2013 Révisi 2017, tur leuwih museur kana tujuan dasar sangkan barudak parigel maca, nulis, jeung ngaregepkeun basa Sunda. Lian ti kamahéran ngagunakeun basa Sunda, ieu buku ngamuat pangaweruh sastra, budaya, katut paélmuan nu leuwih jembar.
Tim Bakti Guru Rancagé, geus narékahan sangkan ungkara basa Sunda dina ieu buku téh teu hésé teuing, boh keur guru, boh keur siswa. Éta tarékah téh, dina prak-prakanana ngawengku: (1) Kekecapan diluyukeun jeung kalumbrahan katut psikologi barudak. Lumrah hartina gampang kaharti, tilikan psikologi hartina diluyukeun jeung umur katut tingkatan kelas; (2) Eusi carita atawa carita satékah polah bakal pikaresepeun macana, dipiharep jadi eunteung jeung picontoeun barudak; (3) Ti pangajaran ka pangajaran, aya perkara nu nganteng sangkan eusi buku téh karasa gumulung sanajan pedaranana béda-béda; (4) Nyingkahan kalimah sumélér nu matak bingung nu maca sarta diganti ku kalimah nu leuwih basajan.
Pikeun ngajembaran rupaning pedaran, ieu buku diémbohan ku CD/DVD. Eusina, lian ti matéri nu ngarojong kana pangajaran, dilengkepan deuih ku kamus katut multimédia. Rancagé Diajar Basa Sunda ditataharkeun pikeun nyumponan pangajaran nu nyaluyukeun jeung kamekaran jaman, dalit jeung téknologi informasi, ku cara nyayagikeun rambatloka (website) nu bisa diaksés ku saha waé nu ngagunakeun ieu buku.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar