H.D. Bastaman
2016 ; 14,5 x 21 cm.; 136 hal
Rp. 44.000
ISBN 978-979-419-456-0
"Nikahkeun saha Ua Banagara téh, Ma?" kuring nanya. Kuring mah carang nyebut anjeunna "Ua Sasmita", seseringna mah "Ua Banagara".
"Néng Nonoy, putrana nu bungsu. Sasatna mupugkeun kanjut kundang Kang Sasmita jeung Ceuk Ningrum mah, nikahkeun putra bungsu. Nyéépkeun," waler Ema.
"Ceu Nonoy téh sanés nu...?"
* * *
"Ceu Nonoy Putra Ua Banagara" téh salah sahiji carita pondok nu dipidangkeun ku H.D. Bastaman dina ieu buku. Lalakonna bangun biasa baé, ngan dina tungtungna aya kajadian nu teu disangka-sangka.
Salapan carita pondok lianna nembrakkeun rupa-rupa pasualan psikologis: nalangsa, bingung, hémeng, sono, leungiteun... nu diasongkeun kalayan tapis ku pangarangna. Lebar pisan lamun urang teu nepi ka cacap macana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar